
Setelan kamera video
Pikeun nyaluyukeun setelan kamera video
1
Aktipkeun kamera.
2
Gesek ka
.
3
Pikeun mintonkeun setelan, ketok .
4
Pilih setelan nu Anjeun hoyong saluyukeun, teras jieun perobahan Anjeun.
Tinjauan setelan kamera video
Pilihan pamandangan
Fitur Pilihan Pamandangan mantuan anjeun nyetel gancang kamera kanggo kaayaan
umum nganggo pamandangan video nu geus diprogram. Unggal setelan pamandangan
dirancang pikeun ngahasilkeun video kualitas pangsaena nu tiasa dijieun dina lingkungan
rekaman nu spesifik.
Pareum
Fitur Pilihan pamandangan pareum tur Anjeun bisa ngarekam video sacara manual.
Motret lembut
Pake kanggo shooting video di latar tukang nu lembut.
Lansekap
Pake kanggo video lansekap. Kamera mokuskeun ka objek nu jauh.
Pamandangan peuting
Waktu diaktipkeun, sensitipitas cahya ditingkatkeun. Pake dina kondisi cahya nu kirang caang. Video
objek nu keur ngolebat bisa jadi kabur. Tahan leungeun Anjeun sing ajeg, atawa pake pangrojong.
Pareuman setelan peuting lamun kondisi cahaya caang, pikeun ngaalusan kualitas video.
Basisir
Gunakeun jang video pamandangan sisi laut atawa sisi situ.
Salju
Pake dina lingkungan nu caang pikeun nyegah hasil video caang teuing.
Olahraga
Pake kanggo ngarekam video objek nu keur ngolebat gancang. Waktos paparan pondok
ngaminimalkeun gambar nu kabur ku sabab aya gerakan.
Hajatan
Pake kanggo video di jero ruangan dina lingkungan nu kirang caang. Pamandangan ieu nyandak
pencahayaan latar tukang di jero ruangan atawa cahaya lilin. Video objek nu keur ngolebat bisa jadi
kabur. Tahan leungeun Anjeun sing ajeg, atawa pake pangrojong.
Video HDR
Pake setelan HDR (High-Dynamic Range / Kisaran Dinamik Luhur) pikeun ngarekam
ngalawan cahya tukang nu caang pisan atawa dina kondisi kontrasna seukeut pisan.
Video HDR mere kompensasi kanggo wincik nu leungit sareng ngahasilkeun gambar nu
ngawakilan wewengkon nu poek sareng nu caang.
Setelan ieu ngan sadia di
Manual modeu motret.
Resolusi video
Saluyukeun resolusi video kanggo pormat nu beda-beda.
HD Pinuh (30 fps)
1920×1080(16:9)
Pormat Full HD (Depinisi Gede Full) sareng 30 fps jeung perbandingan aspek 16:9.
HD
103
Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

1280×720(16:9)
Pormat HD (Definisi Luhur) sareng perbandingan aspek 16:9.
VGA
640×480(4:3)
Pormat VGA sareng perbandingan aspek 4:3.
MMS
Rekam video nu cocog kanggo dikirim dina talatah multimedia. Waktu ngarekam pormat video ieu diwatesan
supados fayil videona tiasa pas dina talatah multimedia.
Pelacakan objek
Upami anjeun milih objék ku cara noel dina tempo heula, kaméra ngalacak objék éta
kanggo anjeun.
SteadyShot™
Sawaktos ngarekam video, nyekel alat sing ajeg hese dilampahkeun. Pangajeg mantuan
anjeun ku cara nahan gideg leungeun nu panglaunna.
104
Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.