
Layar Utama
Layar Utama téh titik mimiti keur maké alat anjeun. Eta téh jiga desktop dina layar
komputer. Layar Utama anjeun tiasa gaduh tujuh panél, langkung rubak ti pintonan layar
biasa. Jumlah panél Layar Utama téh ditembrakkeun kalayan runtuyan titik-titik di palih
handap Layar Utama Titik nu disorot nempokeun yén panel tempat anjeun aya ayeuna.
1
Panganteur ka Xperia™ widget — Ketok keur muka widget jeung pilih hiji tugas sapertos nyalin eusi tina
alat heubeul anjeun atawa setél ladén Xperia™
2
Titik — Ngawakilan jumlah jandéla Layar Utama
Pikeun pindah ka layar Utama
•
Pencet .
Ngotektak Layar Utama
Panel layar utama
Anjeun tiasa nambahkeun panel anyar ka layar urama (dugi ka maksimum tujuh panel)
jeung mupus panel. Anjeun oge tiasa nyetel panel nu ku anjeun hayang dipake minangka
panel layar Utama.
22
Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

Pikeun nyetel hiji panel minangka panel Layar Utama
1
Toel jeung tahan wewengkon nu mana wae dina layar Utama Anjeun nepi ka alat
ngagater.
2
Sintreuk ka kenca atawa ka katuhu pikeun ngotektak panel nu hayang disetel jadi
panel Layar Utama anjeun nu utama, teras ketok di juru kenca luhur.
Cara nambah panél ka layar Utama anjeun
1
Toél jeung tahan widang mana waé di layar Utama anjeun nepi ka alatna ngageter.
2
Jang ngotéktak panél, sintreuk terus ka beulah katuhu atawa ka kénca, terus
ketok .
Cara mupus hiji panél tina layar Utama
1
Toél jeung tahan widang mana waé di layar Utama anjeun nepi ka alatna ngageter.
2
Sintreuk kénca atawa katuhu pikeun ngotéktak panél nu anjeun hoyong pupus,
teras ketok di beulah katuhu luhur panél.
Setélan layar utama
Pikeun mupus pamasangan aplikasi tina layar Utama
1
Toel jeung tahan wewengkon nu mana wae dina layar Utama Anjeun nepi ka alat
ngagater.
2
Sintreuk ka kenca atawa ka katuhu pikeun ngotektak jandela eta. Sadaya aplikasi
anu tiasa dicopot dicirian ku .
3
Ketok aplikasi nu hayang dicabut pamasanganna ku anjeun, terus ketok
Pupuskeun.
Sababaraha aplikasi nu ditunjukkeun ku saukur tiasa dinonaktipkeun, jeung teu tiasa
dipupus. Nganonaktipkeun aplikasi mupus kabeh data, tapi aplikasi tiasa diaktipkeun deui ti
Setelan > Aplikasi.
Cara ngaluyukeun ukuran ikon dina layar Utama Anjeun
1
Toél jeung tahan widang mana waé di layar Utama anjeun nepi ka alatna ngageter,
terus ketok .
2
Ketok
Ukuran ikon, teras pilih hiji pilihan.